Azmy Z

Lirik Lagu Sunda “Runtah – Azmy Z” – #SINIKITE

 Lirik Lagu Sunda

“Runtah – Azmy Z” – #SINIKITE

Cipta: Doel Sumbang

 


*****

Panonna alus, irung alus, biwir alus

Ditempo ti harep ti gigir mani mulus

Ngan hanjakal pisan kalakuan siga setan

Gunta-ganti jalu teu sirikna unggal minggu

Naha kunaon nu geulis loba nu bangor?

Naha kunaon nu bangor loba nu geulis?

Sigana mah ngarasa asa aing hade rupa

Bisa payu ka sasaha tungtungna jadi cilaka

Kulit kelir koneng cangkang cau

Huntuna bodas tipung tarigu

Biwir beureum-beureum jawer hayam

Panon coklat kopi susu

Ngan naha atuh beut dimumurah?

Geblek hirup daek jadi Runtah

Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu

Komo jeung poho dibaju

*****

Panonna alus, irung alus biwir alus

Ditempo ti harep ti gigir mani mulus

Ngan hanjakal pisan kalakuan siga setan

Gunta-ganti jalu teu sirikna unggal minggu

Naha kunaon nu geulis loba nu bangor?

Naha kunaon nu bangor loba nu geulis?

Sigana mah ngarasa asa aing hade rupa

Bisa payu ka sasaha tungtungna jadi cilaka

Kulit kelir koneng cangkang cau

Huntuna bodas tipung tarigu

Biwirna beureum-beureum jawer hanyam

Panon coklat kopi susu

Ngan naha atuh beut dimumurah?

Geblek hirup daek jadi Runtah

Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu

Komo jeung poho dibaju

Kulit kelir koneng cangkang cau

Huntuna bodas tipung tarigu

Biwirna beureum-beureum jawer hanyam

Panon coklat kopi susu

Ngan naha atuh beut dimumurah?

Geblek hirup daek jadi Runtah

Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu

Komo jeung poho dibaju



Lagu Sunda Lainnya



Terima Kasih Telah Mengunjungi Blog #SINIKITE

Semoga Bermamfaat



Terimakasih telah mengunjungi ChordLirik.com, semoga bermanfaat dan lihat juga di situs berkualitas dan paling populer Piool.com, peluang bisnis online Topbisnisonline.com dan join di komunitas Topoin.com.

Most Popular

To Top