Doel Sumbang

Lirik Lagu Doel Sumbang – Lalaki

Lalaki teu beda jeung ucing garong
teu kaop ningali lauk
teu di mana teu nu saha
hayang ngalegleg wae

Lalaki teu beda jeung anjing kampung
dibere roti jeung susu
diluar ningali tulang
hayang ngalamot wae

Sanajan boga kabogoh
siga ratu kecantikan
ti luar nempo nu jebleh
mun teu nyoba panasaran

Lamun nyiar pamajikan
hayangna anu parawan
bari manehna sorangan
urut entog urut hayam

Lalaki.. lalaki.. anjing kampung
Lalaki.. lalaki.. ucing garong
Lalaki.. lalaki.. oray kadut
Lalaki.. lalaki.. careuh bulan
Lalaki.. lalaki.. buaya lapar
Lalaki.. lalaki.. meong congkok
Lalaki.. lalaki.. kadal menteng
Lalaki.. lalaki.. super wadul


Terimakasih telah mengunjungi ChordLirik.com, semoga bermanfaat dan lihat juga di situs berkualitas dan paling populer Piool.com, peluang bisnis online Topbisnisonline.com dan join di komunitas Topoin.com.

Most Popular

To Top