Darso

Lirik Lagu Darso – Jaman Edan

Darso – Jaman Edan

cenah dina jaman edan
mun urang teu milu edan
tangtu moal kabagean
tapi lamun milu edan
tangtu kalengitan iman

tangtu kalengitan iman

lantaran ari nu edan
boro-boro eling ka pangeran
boro-boro eling kana aturan
nu puguh mawa karep sorangan
kalakuan sakarep isun

kalakuan sakarep isun

cenah dina jaman edan
loba anu kokomoan
loba anu popohoan
ngudag-ngudag kasenangan
kalakuan siga setan

kalakuan siga setan

pabaliut silih cetut, silih dudut, silih catut
nu penting sungut samutut
nu penting beuteung budayut
awak segut gede hitut

awak segut gede hitut

kongkalikong gede bohong
paheuras heuras gengerong
pasea patorong-torong
itu negong ieu negong
kalkuan kawas bagong

kalkuan kawas bagong

benteng akhlak ti darupak
pageur iman paburanda
setan surak ting cakak’kak
setan ribut silih sepak
nu balageur di talipak

nu balageur di talipak

cenah dina jaman edan
pauntung untung edan
untung keneh anu ariman
muntang eling ka pangeran
nyieun ka bawa edan

nyieun ka bawa edan

Ya Alloh Robi pangeran
panto eling pangmukakeun
panto edan pang nutupkeun
di tutup ku kasobaran
di konci ku kaimanan
di tutup ku kasobaran
di konci ku kaimanan

>>> Download Lagu Darso – Jaman Edan <<<

Terimakasih telah mengunjungi ChordLirik.com, semoga bermanfaat dan lihat juga di situs berkualitas dan paling populer Piool.com, peluang bisnis online Topbisnisonline.com dan join di komunitas Topoin.com.

Most Popular

To Top